Kopeah Hideung Jang Darwis Hiji

Saengges bapak kuring balik ka Pangeran tilu sasih katukang, pun biang pindah imah ka tempat anu anyar. Pun biang unggal dinten ngalamun, mikiran pun rama anu tos uih ka Pangeran. Karunya ningali pun bian g ngalamun teras, mang Ikin mere saran supados pindah imah ka desa Paaraban. Jauhna mun diukur sarua jeng naek keretek 3 jam. Pun biang samemehna teu satuju pindah imah. Kularantaran mang Ikin mapatahan unggal poe dina saminggu katukang, pun Biang satuju. Imah bahela ayena diurus ku Wa Onin, raina pun biang.

Pindah imah, pindah sakola oge. Mang Ikin ngasupken kuring ka sakola nu teu jauh jeng imah, nyaeta Madrasah Aliyah Man Jabar.
"Jang Darwis, ayena mah sakola di dieu. Engke indit bareng jeng si Tarman. Asup jam tujuh, balik jam Tilu", saur Mang Ikin mere wejangan saengges ngadaftarken sim kuring.
"Muhun Mang".
"Hiji deui, Jang Darwis mun indit ka sakola kedah make kopeah warna bodas".
"Naha kudu make kopeah warna bodas, Mang ?"
"Kitu we aturana ti sakola. Ke si Tarman mere hiji, basa bulan kamari meli tilu. Sirah si Tarman ngagedean wae".
"Teu tiasa mang"
"Ku naon Jang".
"Saur rama samemeh uih ka Pangeran, kuring kedah make kopeah warna hideung, mun dek ka sakola atawa ka mesjid"
"Waduh kumaha nya Jang, aturana kedah make kopeah warna bodas"

Obrolan kuring jeng Mang Ikin teu menang titik angges. Mang Ikin kaburu balik ka imah, dek dagang cuangki. Salian jadi tukang buruh tani, Mang Ikin sapopoe dagang cuangki di Kampung Paaraban.

"Jang Darwis, ieu kopeah bodas. Pake mun isuk indit ka sakola", saur si Tarman, budak Mang Ikin nu panggedena.
"Teu tiasa Man, cek pun Rama kedah make kopeah warna hideung kamamana".
"Kudu dipake eta kopeah bodas teh, Jang. Mun heunteu Pak Ali ambek".
"Saha eta Pak Ali teh ?"
"Kepala sakola MAN Jabar, jelemana teges kana aturan".

Kuring akhirna mawa kopeah bodas pamerean si Tarman. Balik ka imah, pun biang masih maca kitab. Saengges pun Rama uih ka Pangeran, pun biang jadi rajin maca kitab. Komo deui saengges pindah ka kampung Paaraban. Dikampung anyar ieu, hampir kabeh tatangga imah sadayana tos ngahajiken atau saletik-letikna umroh. Ngan Mang Ikin nu teu acan ngahajiken atawa umroh. Ditambahan ayena pun biang nu teu acan umroh atawa haji.

"Jang kumaha tadi tos beres daftar teh ?, pun biang nanyaken saetos beres maca kitab.
"Atos Ma, isukan kuring mimiti asup ka sakola".
"Kade poho bawa eta kopeah hideung, almarhum Bapak tos nyimpen jang Ujang".
"Muhun Ma".

Sirah kuring ayena bingung. Ku pihak sakola kudu make kopeah bodas, ngan kuring teu bisa ngawalan amanat ti pun Rama. Sajajalan bareng si Tarman pas dek indit ka sakola, kuring terus mikiran soal milih make kopeah hideung atawa kopeah bodas. Poe eta pas pisan dinten Senen, barudak langsung kudu ka lapang kudu upacara. Asup ka lapang kuring mantap make kopeah hideung.....




Comments

Popular posts from this blog

Sinetron Dunia Terbalik dan Kampanye Kesetaraan Gender

Mahasiswa Sulit Bangun Pagi

Cerita Liburan