Posts

Showing posts from August, 2019

Kopeah Hideung Jang Darwis Hiji

Image
Saengges bapak kuring balik ka Pangeran tilu sasih katukang, pun biang pindah imah ka tempat anu anyar. Pun biang unggal dinten ngalamun, mikiran pun rama anu tos uih ka Pangeran. Karunya ningali pun bian g ngalamun teras, mang Ikin mere saran supados pindah imah ka desa Paaraban. Jauhna mun diukur sarua jeng naek keretek 3 jam. Pun biang samemehna teu satuju pindah imah. Kularantaran mang Ikin mapatahan unggal poe dina saminggu katukang, pun Biang satuju. Imah bahela ayena diurus ku Wa Onin, raina pun biang. Pindah imah, pindah sakola oge. Mang Ikin ngasupken kuring ka sakola nu teu jauh jeng imah, nyaeta Madrasah Aliyah Man Jabar. "Jang Darwis, ayena mah sakola di dieu. Engke indit bareng jeng si Tarman. Asup jam tujuh, balik jam Tilu", saur Mang Ikin mere wejangan saengges ngadaftarken sim kuring. "Muhun Mang". "Hiji deui, Jang Darwis mun indit ka sakola kedah make kopeah warna bodas". "Naha kudu make kopeah warna bodas, Mang ?" "K