Posts

Showing posts from July, 2019

Jurig Kiwari

Image
Jurig karasa beki loba daratang ka kampung kuring tina babaraha tahun katukang. Sarupaning rurupanan ieu jurig teh, beda-beda tiap poe. Nyingsienan najan teu katempo ku panon. Kuring nyebutna ieu jurig kiwari, da ngan datang di zaman kiwari. Tos mangbulan-bulan ieu jurig ngagganggu kampung kuring. Gara-gara ieu jurig, kolot kuring jadi pipiluen kana sagala perjurigan nu biasana diurus ku dukun atawa ustad . Biasana kolot kuring teh gawena ngan ukur masak, ngurus sawah atawa dagang muteran kampung. Tapi, gara-gara ieu jurig, kolot urang mopohoken kana masak ejeng ngurus sawah. Unggal poe hayang maehan ieu jurig. Bakating ku panasaran, kuring nanyaken ka kolot naha pipiluen ngurusken kana masalah ieyu jurig kiwari ieu, jawaban ti kolot nyieun pikiran kuring jadi beki lieur. "Ieu jurig jang kudu dipaehan supados sakola ujang lancar. Piraku engke pas di ajar aya jurig nyingsienan Ujang. Bijil tina jandela, mawa ati ujang jang dibiken ka Raja Jurig". Asa karek ayena gar