Jurig Kiwari



Jurig karasa beki loba daratang ka kampung kuring tina babaraha tahun katukang. Sarupaning rurupanan ieu jurig teh, beda-beda tiap poe. Nyingsienan najan teu katempo ku panon. Kuring nyebutna ieu jurig kiwari, da ngan datang di zaman kiwari.

Tos mangbulan-bulan ieu jurig ngagganggu kampung kuring. Gara-gara ieu jurig, kolot kuring jadi pipiluen kana sagala perjurigan nu biasana diurus ku dukun atawa ustad. Biasana kolot kuring teh gawena ngan ukur masak, ngurus sawah atawa dagang muteran kampung. Tapi, gara-gara ieu jurig, kolot urang mopohoken kana masak ejeng ngurus sawah. Unggal poe hayang maehan ieu jurig.

Bakating ku panasaran, kuring nanyaken ka kolot naha pipiluen ngurusken kana masalah ieyu jurig kiwari ieu, jawaban ti kolot nyieun pikiran kuring jadi beki lieur. "Ieu jurig jang kudu dipaehan supados sakola ujang lancar. Piraku engke pas di ajar aya jurig nyingsienan Ujang. Bijil tina jandela, mawa ati ujang jang dibiken ka Raja Jurig".

Asa karek ayena gara-gara jurig, kolot jadi mopohoken kana masak jeng ngurus sawah. Biasana pas kuring balik ka imah, ges aya tuangen, kumplit ti kejo nepi ka sambel hejo. Ayena mah gara-gara ieu si jurig, kolot mere duit wungkul. "Meli we ka bi Imas pasakan nu ges jadi", kitu cenah cek kolot. Bari kesel kuring nanya ka kolot "Ari emak dek kamana ?.
"Dek ngusir jurig, jang. Babaturan emak ge siap-siap di lapangan", cek Ema bari mawa sapu jeng panci.
"Naha ngusir jurig teh kudu ka lapangan ? Terus ari eta sapu jeng panci, jang naon".
"Kamari cek Mbah Tisna, eta jurig sien mun loba jelema nu kumpul. Terus cek Mbah Tisna oge, eta jurig sienen ku sapu jeng panci".
"Saha eta si Mbah Tisna eta teh, Ma", kuring nanyak deui meh Ema teu indit ka lapang.

Samemeh Ema ngajawab, babaturan kolot daratang nyamper.
"Ceu Darti hayu urang ka lapang", cek salah sahiji kolot bari mawa sapu jeng panci.
"Antosan Ceu, ieu ngurus hela pun anak", cek ema kuring deui.
"Dengeken jang, tong loba nanya. Ieu jurig ges loba mawa korban. Kamari babaturan Mbah Tisna maot gara-gara ieu jurig. Mun henteu di cegah ieu jurig, arurang ge bisa jadi korban. Pokokna ujang ayena loba ngadoa ka Pangeran. Ema ka lapang bagian tina syareat jang ngusir eta jurig.

Ema jeng babaturana ka lapang. Garandeng pisan sajajalan maca doa ti Mbah Tisna. Sorangan di imah nungguan Ema balik, ti sabelah imah, aya nu cerik. Pas ditingali, si Dede Abod cerik ngagingigiwik. Di imah si Dede Abod ngan aya Bi Ening, tukang babantu nyeseh jeng masak.

"Eta kunaon si Dede bet cerik tarik kitu, Bi", tanya kuring ka Bi Ening.
"Si Dede hayang ka Indungna, Jang. Tapi Indungna ka lapang hela."
"Dek ngilu ngusir jurig lain", kuring nanya dei,
"Enya jang, jurig teh beki nempoken ti poe ka poe. Kamari babaturan Mbah Tisna maot di tewak ku jurig ieu", cek Bi Ening bari mere kueh Mari ka si Dede Abod.
"Ari Bi Ening nyaho bentuk eta jurig", tanya kuring deui.
"Cenah mah make baju panjang jeng kolor butut. Sakapeng warnana bodas, sakapeng warnana berem".

Nepi ka ayena ieu jurig masih can bisa dipaehan. Kumpulan di lapang jang ngusir ieu jurig teu mawa hasil nu bener. Ah ari jang kuring mah teu penting paeh henteuna ieu jurig. Jang kuring mah lebih penting ema jeng bapak kuring kembali ka dapur jeng pagawean sa popoe. Gara-gara ieu jurig kuring unggal poe kudu bulak-balik datang ka warung Bi Imas, meli jeroan jeng semur endog.



Comments

  1. Pengen tahu ceritanya ini tentang apa, tapi tidak ada yang saya paham bahasanya :D Mungkin dibawahnya bisa ditambah versi terjemahan bahasa Indonesinya kali yak

    ReplyDelete

Post a Comment

Popular posts from this blog

Sinetron Dunia Terbalik dan Kampanye Kesetaraan Gender

Mahasiswa Sulit Bangun Pagi

Cerita Liburan